Wednesday, 4 September 2019

DONGENG SUNDA "SI LEUNGLI"

SI LEUNGLI

Jaman baheula di hiji lembur, aya tujuh sadulur awewe wungkul. Indung bapana geus lila taya di kieuna. Anu genep geus rimbitan kabeh. Malah bisa disebut geus baleunghar. Rea ketan rea keton teh lain bobohongan. Kari anu bungsu anu can kawin teh. Rupana geulis keur sumedeng rumaji putri. Ngaranna Nyi Bungsu Larang.
Nyi Bungsu Larang hirup nyorangan, nyicingan imah titinggal kolotna. Hirup Nyi Bungsu Larang kacida masakatna. Ari lanceuk-lanceukna anu genepan, sanajan geus baleunghar oge, taya anu daekeun ngarawatan si Bungsu. Pajarkeun teh cenah Nyi Bungsu Larang baris mawa sial kana kahirupanana.
            Dina hiji poe Nyi Bungsu Larang neangan pagawean saperti sasari. Tapi poe eta mah tepi ka sore teh weleh teu menang pagawean. Awakna geus karasa lalesu, tuluy bae manehna nyarande kana tangkal di sisi walungan.
            Keur kitu, torojol aya budak mawa jeujeur. Gog wae diuk teu jauh ti Nyi Bungsu Larang. Lung usepna dialungkeun ka walungan. Teu kungsi lila aya lauk anu nyangkut, jeujeurna buburu diangkat. Ari barang geus diangkat, eh lauk sagede cingir. Eta lauk arek dibantingkeun bari kukulutus. Tapi ku Nyi Bungsu Larang dicaram, “Ulah dibantingkeun, Ujang, karunya. Mending kadieukeun bae keur Euceu!”. Eta lauk teu tulus dibantingkeunana, tuluy bae dibikeun ka Nyi Bungsu Larang.
            Ku Nyi Bungsu Larang lauk teh dibawa ka imahna. Dipiara dina babalongan, anu tempatna di pakarangan tukangeun imahna. Unggal poe eta anak lauk teh sok diparaban.
            Beuki lila, lauk teh beuki gede bae. Tina sagede leungeun, sagede bitis, terus ngagedean nepi ka sagede pingping. Tetela deuih, eta teh lauk emas beureum. Ku Nyi Bungsu Larang dingaranan si Leungli. Laukna oge siga anu ngartieun deuih, lamun digeroan si Leungli teh sok nyampeurkeun. Lamun Nyi Bungsu Larang balik ka imah, pasti anu pangheulana diburu teh si Leungli. Diuk di sisi balong bari ngawih : “Leungli! Leungli!”. Teu lila si Leungli datang, nyentungan suku Nyi Bungsu Larang.
Ayeuna urang lembur geus nyarahoeun yen Nyi Bungsu Larang bogaeun lauk emas anu gede. Beja pabeja-beja, tepi bae ka lanceuk-lanceukna.
            Hiji poe datang lanceuk-lanceukna, menta lauk ka Nyi Bungsu Larang rek dipais. Ku Nyi Bungsu larang teu dibikeun. Henteu tega cenah mun si Leungli kudu di pais, diingu ti leuleutik nepi ka sagede orok. Nagedenge kitu, lenceuk-lanceukna kacida ambeuk pisan. Gejlig bae lanceuk-lanceukna indit bari jamedud, jeung kalah timbul niat jahatna pikeun ngala si Leungli.
            Lanceuk-lanceuk Nyi Bungsu Larang, pabeubeurang datang rerencepan ka balong, nu aya ditukangeun imah Nyi Bungsu Larang. Balong teh dikepung ku genepan. Ari dikecrik, eh kalah beunang lauk anu laleutik. Tuluy dirojokan ku gantar, di kubek caina, tapi eta lauk henteu nembongan-nembongan acan. Antuk-antukna anu genepan baralik deui ka imahna, tapi angger bari neundeun kapanasaran.
            Isukna maranehna datang deui pasosore, ayeuna mah nyumput di tempat anu buni, nyerangkeun lampah Nyi Bungsu Larang, maraban lauk bari diuk di sisi balong. Sanggeus nyaho petana mah, anu genepan teh baralik deui ka imahna.
            Isukna, sanggeus Nyi Bungsu Larang indit ti imahna rek neangan pagawean, lanceuk-lanceukna daratang deui. Ngong lanceukna anu cikal ngawih, ngageroan si Leungli nurutan si Bungsu, “Leungli! Leungli!”. Sorana ceples pisan sora Nyi Bungsu Larang. Teu lila si Leungli nembongan, tuluy ngadupakan suku anu keur ngawih, disangkana suku dununganana bae.
            Barang geus lindeuk pisan. Heat, jeplok si Leungli disabet ku bedog. Diburu ku genepan, tuluy diangkat ka darat. Geus di darat, tadina mah rek digotong, tapi lantaran beurateun, nya digalusur bae. Digalusur dibawa ka imah dulurna anu cikal.
            Barang datang ka imah dulurna anu cikal, lauk teh diurus, dirarecah ku genepan.  Sanggeus asak, tuluy bae barangdahar. Ari hulu anu kari tulang jeung cucuk dihijikeun sarta dibungkus ku daun cau.
            Pasosore Nyi Bungsu Larang balik ka imah, ceg kana parab lauk. Diuk di sisi balong. Ngong ngawih ngageroan si Leungli, “Leungli! Leungli!”. Sakali ngawih si Leungli henteu nembongan. Dua kali, tilu kali, nepi ka sababaraha kalina si Leungli angger henteu bijil sakumaha biasa. Nyi Bungsu Larang mimiti curiga, ari ngalieuk ka gigireunana breh katembong aya geutih, teu jauh ti dinya kapanggih aya sisit lauk, jeung katembong aya tapak urut ngagusur lauk. Eta tapak dituturkeun ku Nyi Bungsu Larang. Ari brasna teh bet ka imah lanceukna anu cikal.
            Sup ka pakarangan lanceukna, pupuntenan. Teu lila kulutruk lanceukna anu cikal mukakeun panto. Sanggeus kitu lung dialungkeun bungkusan daun cau ka hareupeun Nyi bungsu Larang. Ku Nyi Bungsu Larang bungkusan teh diokot. Ari barang dibuka, hulu jeung cucuk lauk. Goak bae Nyi bungsu Larang ceurik ngagoak. Geus kitu mah, tuluy bae eta hulu jeung cucuk lauk si leungli dibawa balik ka imahna, dikumbah nepi ka beresih pisan, tuluy bae dibungkus ku lawon bodas. Ti dinya dikubur dihandapeun ranjangna.
            Sawatara bulan ti harita, tina kuburan si Leugli aya anu jadi. Wangunna cara kongkoak suuk. Ngan ieu mah herang jeung cahayaan. Ku Nyi Bungsu Larang diantep bae. Lantaran inget yen eta teh, asalna tina hulu jeung cucuk si Leungli, imah Nyi Bungsu Larang jadi caraang, beurang peuting cahayana henteu ngurangan. Lamun buahna aroyag katebak angin, ngaluarkeun sora anu endah lir gamelan.
            Dina hiji peuting aya patinggi nagara ngaronda. Barang ngaliwat ka mah Nyi Bungsu Larang, patinggi kacida kagetna ngadenge sora gamelan. Didenge-denge, tetela asalna tina hiji imah. Harita keneh oge patinggi laporan ka Raja, anu matak isukna Nyi Bungsu Larang di saur, sina mangadeup ka Raja di karaton.
            Sanggeus aya di hareupeun Raja, Nyi Bungsu Larang ditanya katut asal-usul tangkal eta di imahna. Barabat atuh Nyi Bungsu Larang nyaritakeun kaayaan dirina katut asal-usul tangkal eta. Sanggeus ngadenge caritaan Nyi Bungsu Larang, Raja kacida ngahelasna, dibarung ku rasa keuheul anu pohara, keuheul ka lenceuk-lanceuk Nyi Bungsu Larang, teu nyangka yen aya rayatna anu taya rasrasan.
            Nyi Bungsu Larang diadeg di karaton, teu menang balik deui ka lemburna. Nya ahirna mah Nyi Bungsu Larang ditikah ku Raja sarta dijadikeun Prameswari. Ari lanceuk-lanceukna anu genepan tea menang hukuman ti Raja, maranehna kudu hirup malarat salila sataun.
            Sanggeus sataun, lanceuk-lanceukna bebas. Ku Nyi Bungsu Larang, anu ayeuna geus jadi Prameswari, kulawargana diperenahkeun di karaton. Masing-masing meunang pagewean, anu luyu jeung kamampuh sarta karesepna. Lanceuk-lanceukna robah adat jadi balader, rumasa samemehna geus boga lampah anu salah. Hirup rukun sauyunan sadudulur.

RENGSE

0 comments:

Post a Comment

Footer

Footer
Footer

Text Widget

Copyright © Kumpulan Tugas Sekolah Published By Gooyaabi Templates | Powered By Blogger

Design by Anders Noren | Blogger Theme by NewBloggerThemes.com